Carpon : Meuli Baju

  • Bagikan
banner 468x60

Ku : Asep Supyedi Heri

Taun 1993 alat transportasi masih kénéh kurang, harita kuring indit ti imah leumpang, maksud rék ka Tasik meuli baju. Tepi ka jalan raya langsung megat pedésaan anu jurusan Ciawi-Tasik turun di Indihiang, ti Indihiang naék angkot Jurusan Indihiang-Pancasila eureun di Kaum Tasik, terus leumpang rék nuju ka toko pakéan anu aya di Jalan Cihideung.

Di Jalan KHZ Mustofa kaayaan ramé pisan, loba jalma anu laleumpang mapay-mapay toko, kénca katuhu pinuh kunu daragang, aya nu dagang buah-buahan, cocooan budak, lukisan, kasét jeung sajabana, pokona ramé wéh.

Ahirna tepi ka parapatan jalan Cihideung, terus kuring méngkol mapay Jalan Cihideung, luak lieuk ningalian toko pakéan. Sanggeus di pertengahan Jalan Cihideung, katempo aya toko pakéan, tokona mah teu gedé, ngan katingali barangna rada kumplit. Geus kitu kuring sup ka toko,

“Badé peryogi naon A mangga, acuk, lancingan saraé, marirah deuih,”
“Peryogi kaméja Néng,”
“Oh muhun mangga palih dieu, ieu modél terbaru,”

Terus kuring milihan, aralus corak jeung warnana, ogé modélna teu katingaleun,

“Ari nu ieu nu biru, sabaraha Néng?”
“Oh, étamah pangaos genep belas rébu A,”

Genep belas rébu gé haritamah asa gedé, da ongkos ka Jakarta gé keur lima rebu pérak, terus ku kuring ditawar,

“manawi tiasa sapuluh rébu Néng?”
“Tebih kénéh A, manga wé opat belas rébu,”
Harita ku kuring disanggupan,
“Muhun sok wé Néng!”

Sanggeus disanggupan harga opat belas rébu, éta baju dibungkus ku pelayan toko,

“A, artosna mah mangga bayar ka kassa!”
“Muhun Néng mangga,”

Terus kuring leumpang nyampeurkeun ka kassa tempat pembayaran,

“Opat belas rébu A!”
“Muhun Néng,”

Kuring ngodok lokét rék mayar, ari waktu muka lokét, kuring reuwas anu taya papadana, awak panas hareudang, angen ratug, jantung asa coplok, naon sababna? duit nu aya dina lokét ngan ukur aya opat belas rébu.

“Duh, duitan ulah nya?”
“Kumaha ongkos keur balik ka Ciawi? Duit ngan sakitu-kituna,”
“Lamun teu dibayar éra, da geus jadi,”
“Ah bayar wé, keun wé balikmah kumaha engké.”

Harita kapaksa dibayar, da geus kapalang éra. Bérés mayar, baju dicokot, kuring kaluar ti toko bari bingung. Terus leumpang ti Cihideung ka Jalan Gunung Sabeulah, da ingetan téh di Jalan Gunung sabeulah aya kantor pulisi.

Sajajalan leumpang bari ngalamun, boro-boro bisa meuli és jeung roko, ongkos keur balik gé kumaha. Antukna tepi ka Kantor pulisi, terus kuring asup nyampeurkeun penjaga,

“Wilujeng siang pa,”
“Siang, aya naon?”
“Ieu pa, abdi téh badé uih ka Ciawi, ari tadi di jalan kacopétan, janten teu gaduh ongkos kanggo uih,”
“Bener kacopétan?”
“Leres pa,”
“Cik ningali lokét, aya teu?”
“Aya ieu pa,”
“Lamun bener kamu kacopétan, kudu jeung lokét-lokétna, ieumah lain kacopétan, kamu balanja béakeun duit, tah ieu méré wé ti kuring, jang ongkos kana mobil!”

Harita pulisi ngasongkeun duit tilu ratus pérak, ku kuring ditampanan, bari éra. Heueuh da rumasa lain kacopétan, tapi béakeun duit meuli baju.

Tasikmalaya, 20 Maret 2021

  • Bagikan